Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Video Asli ti Sumedang April 1922 - Video Langka Diresmikeun Monumen Lingga di Kabupaten Sumedang , Matak Waas Matak Kagagas



Sababaraha waktos kapengker, sim kuring mendakan video nu kawilang penting pisan kanggo wargi-wargi di tatar priangan hususna nu linggih di wewengkon Sumedang. Video lawas, video jaman kapungkur produksina urang Walanda. Nu diantawisna ciri videona masih hideung bodas teu acan berwarna siga video-video jaman kiwari, nyaeta video peresmian Lingga. 

Naon atuh lingga nu di aya di Sumedang the, dugika tiasa janten masyhur, oge dijantenkeun lambang Kabupaten Sumedang malih mah. 

Tah saperkawis ieu sim kuring ngarumaoskeun sanes ahli sajarah, mung ukur ngadangu sareng merhatoskeun runtutan-runtutan ti sepuh-sepuh anu aya di rahayat biasa, hususna wargi Sumedang.

Saur sepuh-sepuh the nyaeta Monumen Lingga teh mangrupikeun hiji bangunan anu bentukna istimewa anu dihaturkeun kangge almarhum Kanjeng Pangeran Aria Soeriaatmadja salahsawios Bupati Sumedang anu kawilang munel pisan jasa sareng babaktina kana kamajuan di Kabupaten Sumedang. Kanjeng Pangeran Aria Soeriaatmadja anu oge katelah ku nami Pangeran Mekah kumargi anjeunna ngantunkeunnana di Kota Mekah nuju anjeunna Ibadah Haji mangsa harita. Ngarupikeun Bupati anu kalintang dipikanyaah, margi dina waktosna anjeunna jumeneng janten Bupati, seueur pisan kamajengan di Kabupaten Sumedang dina sagala widang. Boh dina Pendidikan, Sosial, Ekonomi, Kaagamaan sareng sajabina. Katambih deui Kanjeng Pangeran Aria Soeriaatmadja teh Kharismana istimewa dugika dipiajrih ku sadaya masyarakat Sumedang. Sababaraha carios tatalepa ngeunaan anjeunna mangsa harita, pasti ngeunaan kasaeannana, malih salahsawios carios ngeunaan tuangeun nu namina Tahu Sumedang oge aya peran anjeunna. Carios ngeunaan Tahu mangga diimeutan dina artikel abdi nu sanesna.

Monumen  Lingga ayana pas di puseur Alun-alun Kabupaten Sumedang, dugika ayeuna masihkajagi karawat tur janten kabanggaan warga Sumedang dugika kiwari.

Dina Video ieu Aya kabungah campur baur sareng waas ku bayangan2an mangsa lawas. Video ieu penting artina keur jadi cutatan sajarah perjalanan mangsa ti waktu ka waktu..

Naon atuh Lingga teh, turta, kumaha sajarahna ieu Lingga, turta sagala hal ngeunaan ieu, bakalan dibejer beaskeun dumasar kana cutatan-cutatan nu aya di sababaraha hiji media online, mudah2an tiasa sakedik nambih-nambih wawasaan, nu ahirna nambih kacinta ka tanah sarakan.

Sateuacanna maos cutatan-cutatan eta, urang sakseni heula, nongton heula video nu kasebat tadi. ngeunaan video asli peresmian Tugu Lingga di Kabupaten Sumedang, 


Posting Komentar untuk "Video Asli ti Sumedang April 1922 - Video Langka Diresmikeun Monumen Lingga di Kabupaten Sumedang , Matak Waas Matak Kagagas"