Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Nu Sono ka Lembur Endah nu Mawa Nyaah, ti Kuring nu Ngumbara

Nu Sono ka Lembur Endah nu Mawa Nyaah, ti Kuring nu Ngumbara

Baraya sadaya, keur wargi-wargi urang nu linggihna di Padesaan atawa di pilemburan. Nu hirup huripna masih ngajagi ngarawat lestarina kaayaan alam. Mungkin wae endahna hejo ngemplohna, ngagenclang herangna cai atawa sora jangkrik atawa rangkong patembalanna bangkong di sawah mun emprona geus waktu peuting, lain hal nu aneh. Kusabab geus jadi kahirupan sapopoe, cicing dina katengtreman ngahiji jeung hawa alam anu ngemploh hejo atawa hawa nu tiis seger. Ieu hiji hal nu samistina disukuran ku urang pilemburan. 

Tapi mingkin lain caritana mun emprona kaimpleng ku urang nu hirup di kota gede. Hal langka nu kadangkawis matak sono, matak ngageuri mun ras inget ka ema di lembur, ras inget ka Bapa nu tiap balik di sawah sok jigrah mawa hasil tatanen. Nu tina hasil tatanen eta, geus hasil ngawujudkeun waruga ngora nu kapaksa ninggalkeun lembur ngumbara pikeun ngudag harta banda, ngarah katempo sagala aya tur darajat boga pangkat. Padahal dina kanyataan geus kaduga eta harta dunya, puhu-puhuna malah jauh tina katengtreman. 

Sok inget ka Ema jeung Bapa di lembur, nu najan dahar bareng ukur jeung lalab daun sampeu atawa jengkol atah ditema ku sambel tarasi diayonan ku peda beureum meunang meuleum tina hawu, duh nikmatna leuwih ti dahar pizza atawa hamburger. Nambah sanguna ge sok nepika dua tilu piring nepika lening

Pangpangna beres dahar sok nyanghunjar di tepas imah bari dibarengan Bapa nu teu kendat mapatahan bari ngelepus udud daun kawung, hareupeun mata nyawang endahna Gunung Tampomas, diantara hejo ngemplohna pasawahan. 

Sora Papatah Bapa nu pinuh kanyaah waktu-waktu harita, lir ibarat cai inum keur tikoro nu hanaang. Sok nyecep pisan kana mamaras rasa. Nganteurkeun katengtreman luar biasa diayonan ku hariring tonggeret nu patembalan.

“Loba Sukur Ikhlas ka Pangeran anaking, sing sabar,” pungkas Bapa bari ngusapan buuk. 

Duh Bapa, kusono pisan ayeuna Bapa geus teu aya dikieuna, hayang balik nepungan ka makamna, di lembur ukur aya ema. Sedengkeun kuring ayeuna hurip ngumbara di dayeuh nu jauh ti lembur. Jaba keur usum korona kieu, lebaran teu bisa balik keur nyium sampean ema, keur nyium padung Bapa bari ngadoa ngiriman Fatehah, asa nyeredet ieu hate. Keur Lembur kuring sono, keur ema jeung Bapa kuring nyaah kacida. (age indie)

Posting Komentar untuk "Nu Sono ka Lembur Endah nu Mawa Nyaah, ti Kuring nu Ngumbara"