Kieu tah mun Lalajo PERSIB taun 80-90an jg Pun Aki, Nu Lalajo Tipi ge Sok Kabawa Sieun... Tapi Seuri Teu Eureun-eureun
Mun ayeuna urang ngobrolkeun Persib Bandung, meureun nu kabayang ku barudak ayeuna mah Stadion GBLA, streaming dina HP, atawa nonton bari ngopi di kafe. Tapi keur nu kungsi ngaliwatan mangsa taun 1980 nepi ka awal 1990-an, aya hiji kenangan anu moal kungsi luntur. Mangsa harita, lalajo Persib lain ukur soal maén bal. Éta téh geus jadi hajat lembur, jadi hiburan panggedéna saminggu sakali, jeung jadi pangbeungkeut duduluran.
Harita mah can aya YouTube, can aya siaran langsung dina telepon sélulér. Tipi tabung hideung bodas gé masih loba kénéh dipaké. Anu boga tipi di hiji kampung ukur sababaraha imah. Mun Persib maén, imah anu boga tipi téh ujug-ujug robah jadi siga balé desa. Tatangga daratang, dulur ngariung, barudak diuk ngariung di hareup, nu kolot nyarande kana tihang imah, aya nu mawa sampeu goréng, aya nu mawa kacang sangrai, aya nu nyeduh kopi hideung, jeung aya ogé nu ngan ukur mawa sora panggogorowok.
Kabeneran, harita anu boga tipi di lembur téh diantawisna Pun Bapa almarhum. Ku kituna, unggal Persib tandang atawa kandang nu disiarkeun ku TVRI, imah sok pinuh ku nu lalajo. Teu paduli saha, asal resep Persib mah wilujeng sumping.
Mangsa harita, musuh bubuyutan Persib lain Persija siga ayeuna. Nu matak deg-degan téh lamun papanggih jeung PSMS Medan. Mun Persib papanggih jeung PSMS, asa siga final Piala Dunya. Ti isuk-isuk geus aya nu nyebutkeun, "Engké mah ulah aya nu ngaganggu, Persib maén!"
Persib harita pinuh ku béntang. Aya Ajat Sudrajat nu umpanna matak kagum, Robby Darwis nu kawentar pageuh di tukang, Djadjang Nurdjaman anu calakan ngatur serangan, Adeng Hudaya, Yudi Guntara, Asep Dayat, nepi ka Sutiono Lamso anu sok nyieun lawan ngarasa waswas. Éta ngaran-ngaran téh nepi ka ayeuna masih napel dina hate Bobotoh baheula.
Tapi... lain ngan pamaén Persib anu jadi tontonan.
Aya deui béntang utama di imah kuring.
Nya éta... Pun Aki.
Almarhum Aki Yaya. Mugia Allah ngalapangan kuburna sareng maparin tempat anu mulya di sisi-Na. Al-Fatihah...
Pun Aki téh Bobotoh sajati. Mun ayeuna aya istilah "supporter garis keras", sigana Aki Yaya téh geus lulus cum laude ti baheula kénéh.
Unggal Persib maén, Aki Yaya moal kungsi tinggaleun. Sok datang ti méméh kickoff. Bareng jeung sobat satiana, Aki Pepe, tatangga béda kampung anu sarua resepna ka Persib. Mun duanana geus datang, nu boga imah gé geus nyaho, "Wah... bakalan rame ieu imah teh, kudu siap-siap tur taki-taki"
Awal-awal mah pun Aki-aki teh caralik anteng, lungguh. Bari kelepus-kelepus udud daun kawung, hareupeun aya sagelas kopi hideung nu haseumna katingali can béak.
Tapi...
Mun wasit geus niup piriwit mimiti pertandingan...
Sakedapan waé robah.
Aki Yaya nu tadina anteng ujug-ujug maju ka hareup tipi. Awakna condong siga rék asup ka lapang.
"Oper! Oper... ulah loba gaya!"
Padahal nu dicarekan téh pamaén nu jauh di lapangan maen bal di Bandung. Sedengkeun Aki Yaya aya teh apanan aya di lembur, puluhan kilométer jauhna.
Mun Ajat Sudrajat mawa bal...
Aki Yaya milu ajret-ajretan, nangtung nyilihkeun korsi
Enya...
Balna aya dina tipi.
Anjeunna abret-abretan di ruang tamu.
Sakapeung nepi ka ngadupak dulang, ampir ngagulingkeun termos cai.
Nu lalajo tingbirigidig nyingray bari tingbarakatak.
Can béak di dinya.
Mun Robby Darwis rék nyundul bal, Aki Yaya gé sok otomatis déngdék bari beuheungna elod-elodan bangun nu rék nyundul babarengan.
Nu matak pikaseurieun, palebah balna mun teu asup.
Nu nyeri mah beuheung Aki.
"Aduh... eungap beuheung..." pokna bari ngusapan tikoro.
Kabéh nu lalajo langsung ngabarakatak nyekel beuteung bati ku seuri.
Ari geus deukeut ka gawang lawan...
Tah ieu bagian anu paling matak deg-degan.
Aki Yaya sok ngadeg.
Leungeunna acung-acungan
Suku katuhu ditarik ka tukang.
Posisina persis siga rék najong bal.
"JEGERRR!"
Anjeunna najong...
Enya tapina najong Angin. hehe
Eta teh pan Bal di tipi mah teu kaganggu.
Nu kaganggu mah bangku kai hareupeun sok nepi ka ngageser satengah méter.
Aya budak leutik nu keur diuk di hareupeunana langsung ngacleng luncat bari ceurik sabab sieun ku tajongan pun Aki.
Ti harita, unggal Persib rék nyerang, barudak geus otomatis mundur satapak dua tapak.
Lain sieun ka lawan PSMS dina tipi.
Tapi Sieun ka Aki. hehe
Tah eta mah Aki Yaya,
Aki Pepe ogé teu éléh rame.
Mun wasit teu méré pinalti, anjeunna langsung nunjuk ka layar tipi bari gogorowokan,
"Wasitna lolong! Kacamata pake!"
Aya tatangga nyeletuk,
"Ki... percumah hahaok ge, wasitna moal ngadéngé, jauh di lapangan di bandung."
Aki Pepe nyengor,
"Gandeng siah Sarkanjut, teu ngadenge mah wasit bonge!"
Sakabéh imah sok langsung ngaguruh ku seuri. Nya da euforiana sakitu ramena.
Nu leuwih lucu deui, mun Persib kabobolan.
Aki Yaya sok langsung nangtung, bari nyekelan sirah.
"Astaghfirullah... naha bisa kitu?"
Siga nu kakara kaleungitan kebon saléngkah.
Aya nu ngahibur,
"Ki... ieu mah ukur maén bal."
Dijawab ku Aki,
"Ukur keur hidep! Pikeun kuring mah ieu harga diri!"
Bener oge pan. Persib mah lain saukur mengbal, tapi geus kaabus jatidiri getih wargi sunda. Satuju teu wargi?
Nu leuwih matak ngahuleng, sanajan teu aya hadiah nonton, teu aya AC, teu aya sofa empuk, malah loba nu lalajo diuk dina samak atawa lante semén, tapi kabungah harita asa leuwih lengkep tibatan ayeuna.
Teu aya nu maén HP.
Teu aya nu sibuk selfie.
Kabéh panon museur ka hiji layar tipi tabung leutik.
Kabéh hate ngahiji pikeun hiji ngaran.
Persib Bandung.
Ari ayeuna lamun diinget-inget deui, nu matak kangen téh lain ukur gol-golna. Lain ukur kameunanganana.
Tapi sora gogorowokan Pun Aki.
Pepeta najong angin.
Gerakan silat di ruang tamu.
Barudak nu silih dorong néangan tempat aman.
Jeung seuri nu teu dijieun-jieun.
Éta sadayana ayeuna ukur kari jadi carita. Pun Aki sareng Aki Pepe parantos mulih ka kalanggengan. Mugia Allah SWT maparin rahmat, ngahampura sadaya kalepatanana, ngalapangan kuburna, sareng nempatkeun aranjeunna di surga-Na. Al-Fatihah.
Tapi unggal ningali Persib maén, sok aya waé rasa nu nyuruwuk kana dada. Asa ningali deui Pun Aki nangtung hareupeun tipi bari ngagorowok,
"Asupkeun... asupkeun... GOOOLLLL...!!"
Padahal...
Balna kakara aya di tengah lapang.
Hehehe…
Tah kitu wargi kaahengan mangsa harita nongton Persib Bandung maen bola dina mangsa taun 80-90an
Tah, cik ayeuna giliran Akang, Teteh, atanapi Bapa-Ibu sadayana.
Di kulawarga wargi sadaya baheula, aya henteu sosok siga Pun Aki? Nu mun lalajo Persib sok nepika pepeta, tatajong, gogorowokan, atawa nepi ka sakulawarga kudu nyingray sieun ngacleng katajong siga keur maen po wae?
Upami aya, mangga balatrakeun, caritakeun dina kolom komentar.
Urang silih bagi carita, silih hudangkeun deui nostalgia, sabab sakapeung... nu pangmahalna dina kahirupan téh lain ukur kameunangan Persibna, tapi minangka pangeling-ngeling, kenangan éndah babarengan jeung jalmi-jalmi istimewa anu ayeuna ukur kari jadi kasono.
Hatur nuhun parantos ngadangukeun. Wilujeng tepang deui dina carita nostalgia Sunda salajengna.
Tong hilap pencet likes mun seneng carios-carios samodel kieu, komen anu bade ngiring ngobrol srg papada wargi, sareng klik subrek nya pikeun ngarojong tur nambih sumanget sim kuring nyobi ngonten satiasa-tiasa pikeun hiburan urang sadaya.
Posting Komentar untuk "Kieu tah mun Lalajo PERSIB taun 80-90an jg Pun Aki, Nu Lalajo Tipi ge Sok Kabawa Sieun... Tapi Seuri Teu Eureun-eureun"