Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Kabucinan Rumaja di Mangsa Taun 90-an

Mun ayeuna inget deui ka mangsa keur ngora, jaman masih maké seragam bodas kulawu di bangku SMA, sok teu puguh antara seuri jeung seuri ketir. Aya nu matak pikaseurieun lamun diinget, tapi aya ogé rasa amis nu nyésa dina jero dada. Jigana, kitu meureun caritana cinta munggaran—moal salawasna kudu miboga, tapi moal gampang poho.

Harita keur meujeuhna umur beger. Aya saurang mojang geulis di kelas nu matak ngageterkeun jajantung rasa tina asih. Sebut baé anjeunna Nyi Eulis. Geulisna mah lain ukur ceuk kuring, tapi ceuk ampir sakelas, malah sa sakola ogé. Teu anéh lamun loba nu mikaresep. Cenah mah anjeunna gé raket jeung saurang nonoman nu kasohor pangkasepna di SMA harita. Sanajan can disebut bobogohan, da enya katingali padeukeutna.

Atuh ari kuring?

Mun ningali kana eunteung mah ukur bisa ngahuleng. Awak leutik, peot, kulit hideung, teu kaasup jajaka nu matak dipikabita. Sanyatana dina jero hate mah aya timburu, tapi leuwih karep hade dipendem. Rumasa saha atuh kuring téh? Ibarat si kabayan nu boga karep ka Ndén Putri. Sanajan ceuk bagawan mah Ngimpi téh meunang, tapi dina kanyataan mah teu kitu, ukur bisa nyangsaya turta nyawang ti kajauhan doang.

Sanajan kitu, Gusti mah sok maparin kaunggulan ka unggal jalma dina jalan séwang-séwangan. Mun dina rupa mah kuring éléh, ari dina widang sastra jeung kasenian mah, alhamdulillah, rada boga bekel, rada aya tenjoeun, teu bolonbgor-bolongor teuing. Ti saprak SMP nepika SMA, kuring resep nulis carita pondok. Sok aya baé tulisan nu dikirim ka Majalah Manglé, majalah basa Sunda nu kacida kasohorna dina mangsa harita. Teu disangka-sangka, sababaraha kali mah karanagn carita pondok kuring sok dimuat dina Majalah Mangle, hususna Mangle Alit kusabab sesuai jeung umur kuring mangsa harita lebetna dina kolom eta

Ngan, ku sabab keur kabawa ku rasa bogoh nu teu katepikeun, kuring kungsi ngalakukeun hiji kalakuan nu ayeuna mah lamun diinget matak ngabelenyeh seuri sorangan.

Caritana teh siga kieu, Harita kuring nulis hiji carita pondok, poho deui judul caritana mah, tuluy dikirim ka Majalah Manglé. Eusina mah karangan kuring sorangan, tapi dina ngaran pangarang... lain maké ngaran kuring.

Kuring kalah maké ngaran Nyi Eulis.

Éta téh lain rék ngabohong atawa néangan kauntungan. Ukur hiji cara nu polos, malah rada konyol, minangka bukti kumaha gedéna rasa kagum kuring ka anjeunna dina mangsa rumaja. Jigana mah harita ogé kuring ngirim téh ukur iseng. Dina pikiran, "Ah, moal dimuat ogé." da Majalah Mangle teh mangrupakeun Majalah Basa Sunda anu kasohor seueur sastrawan-sastrawan sunda anu seratannana aya dina majalah, kuring mah ukur penulis leutik di kota leutik, 

Ngan nyakitu tea atuh, ari takdir mah sok resep heureuy.

Éta carita téh kalah dimuat. Haduh alah ieung..

Sakumaha ilaharna, lamun aya tulisan nu dimuat di Manglé, pangarang bakal dikintunkeun honor ngaliwatan wesel, keur wargi nu teu apal yen wesel teh hiji kartu kanggo nyandak honor di kantor pos, wesel teh sok bari sakalian dikirimkeun édisi majalahna. Atuh kajadiannnana Nepi ka kiwari gé kuring teu nyaho, éta wesel jeung majalah téh tungtungna nepi ka saha. Jigana mah nyasab di jalan, atawa balik deui ka kantor redaksi Majalah. Nepi ka ayeuna ogé jadi misteri nu matak seuri sorangan.

Anu leuwih matak pikaseurieun, harita Nyi Eulis siga nu héran. Kumaha atuh henteu? Ujug-ujug ngaranna nyampak dina Majalah Manglé minangka pangarang carita pondok, padahal anjeunna sorangan teu kungsi ngarasa ngirim naskah.

Tangtu baé bingung.

Da enya ogé, lain anjeunna nu nulis. Éta mah murni hasil kabucinan si kuring budak kampung nu keur mangsa beger tapi teu wani ngedalkeun rasa nu nyaliara dina hate. Kecing pisan si kuring teh geuning jaman harita mah hehe.

Tah kitu palawargi, ieu mah ukur carita katololan kuring jaman beger baheula, teu rame oge bae nya, ukur nyaritakeun pangalaman bucinna  rumaja goreng patut di taun 90-an

Ayeuna mah éta kabéh geus jadi carita nu nyésa natrat dina lambar-lambar waktu. Nyi Eulis parantos hirup bagja jeung kulawargana, parantos gaduh salaki nu ganteng kacida, putra-putri nu kasep tur geulis. Kuring gé sami, parantos ngagaduhan pamajikan nu dipikanyaah sarta putra-putri nu janten panyenang hate.

Masing-masing parantos manggihan jalan kabagjaan sorangan.

Anu kari ayeuna mah ukur seungitna pangeling-ngeling kana mangsa rumaja. Mangsa nalika cinta can loba itung-itungan, nalika kagum bisa ngadorong jalma ngalakukeun rupa-rupa kalakuan nu ayeuna karasa polos, lucu, jeung rada bodo.

Tapi sugan, justru éta nu ngajadikeun kenangan rumaja moal aya gantina.

Kabucinan budak lembur nu resep nulis carita pondok, nepi ka wani ngirim karangan ka majalah maké ngaran mojang nu dipikacinta. Lamun ayeuna diinget deui, asa hayang seuri bari ngahuleng. Memang, rumaja taun 90-an miboga caritana sorangan nya wargi. Cag ah


Posting Komentar untuk "Kabucinan Rumaja di Mangsa Taun 90-an"