Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Keclakkeun Cai Panon Lubarkeun bangbaluh dina dada, pupus kasusah Gantikeun ku kabungah

Aya mangsana lengkah teh pinuh ku ririged anu nyababkeun kagok atawa beurat dina nyumponan sagala cita-cita tur impenan. Ngan ulah nepika pugag upamana lamun tea eta ririged matak ngahalangan sagala harepan anu tos dicita-citakeun ku urang salila ieu. Mun seug tea mah eta ririged ngan saukur ngahalangan, tong dijieun susah, sieuhkeun we ka sisi, tong dianggap teuing. Sabab lengkah mah tetep kudu dijalanan, sabab cita-cita  leuwih gede juntrungna batan hahalang. Tong pugag lengkah. Eta numatak lamun urang rek neundeun cita-cita, sok atuh kudu leuwih gede batan sagala halangannana nu bakal datang.

Ngan memang, dina prosesna teu sagampang anu dicaritakeun. Bisa wae diantara eta lengkah, sagala cucuk rungkang lain ukur ngahalangan, malah diantarana nyugak kana suku atawa ngoet kana kulit. Anu tangtuna matak peurih matak nyeri. Seug atuh mun kitu nyatana, tohagaan eta awak, ulah nepika ngalengkah teh bari awak kuru jeung  lemah euweuh pangawasa. Siapkeun sagala rupana mun rek ngalengkah, sabab cita-cita gede tangtuna merlukan usaha gede pikeun nguataan awak jeung jiwana.
Mun seug diantara lengkah hate katodel, manah kadupak. nu nyababkeun sereng kana irung naek kana mata, berebey cai kaluar dina sela mata. antepkeun we, kalanan we, mun hayang ceurik gagaukan.. lakonan, mun hayang ceurik lolongseran... lakonan. Mun hayang ngajerit maratan langit... lakonan. Ngan mun geus lubar cumpon sagala kanyeri budal kabeh.. poma ngalengkah deui kalawan gagah. Keun wae ceurik mah wajar, da urang teh jelema lain bebegig sawah.

Hiji waktu cai panon nu kasurungkeun tina alatan bangbaluh nu kacida neumbragna kana manah, bakal robah jadi cai panon nu ngucur teu eureun-eureun kusabab kabungah ku alatan sagala cita-cita tinekanan. Bangbaluh nu salila ieu ngaheurinan dada nu nyababkeun poe poek asa mongkleng robah jadi mulus rahayu dada asa lega ku kabungah jalan asa ngebray caang, tisisi ti gigir mingkin katingal endahna. Seungit kasturi nyaliara minuhan rasa. Nu nyababkeun ieu biwir ngageter teu eureun-eureun  ngucap sukur ka pangeran nu tos kersa nedunan sagala impenan endah nu salila ieu dipikahayang ku anjeun anaking. Sok wae lakonan sagala lengkah ku katabahan, kalayan kayakinan lengkah dihareup bakal mukakeun panto  kabungah tur bagja.

Posting Komentar untuk "Keclakkeun Cai Panon Lubarkeun bangbaluh dina dada, pupus kasusah Gantikeun ku kabungah"