Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Bahasa Sunda Sehari-hari part 6 : Kalimat Bahasa Sunda di suasana Lebaran Idul Fitri saling maaf-maafan

Cunduk waktu ninggang mangsa, saparantosna salami sasasih ngalakonan ibadah Shaum ayeuna waktosna urang Lebaran atanapi Idul Fitri. Idul Fitri atanapi dintenan Lebaran teh mangrupi sabagian waktos anu diantos-antos ku kadang wargi sadaya, margi di ieu wakos kalintang saena dina mangsa ieu saling urang silih lubarkan kaluluputan kalelepatan disarengan manah anu beresih.
Kadangkawis sok aya banyol upamina Lebaran teh sok bungah make baju anyar alias baju bedug, atawa bungah mun meunang THR ti kolot atawa dulur-dulur, jauhna deui sok rame nyeungeut pepetasan (duka tah ari pepetasan ayeuna masih kenging kitu?) ah pokona mah bungah we dina dinten ieu teh
Mung aya sakedik beda suasana dina mangsa ieu teh. Kusabab waktu ieu sakabeh nagara teu kawengku ku wates lautan kabeh keur keuna ku pandemi korona nu bahaya pisan, jadi suasanana emang rada beda. 
Sok sanaos dina ieu waktos urang nuju aya dina mangsa Pandemi, malih tos aya ampir 2 taun. Pandemi anu ngabalukarkeun saling urang pada ngajaga diri supados tetep sehat teu katularan ieu panyawat. Tapi silaturahmi mah geuning seueur carana. Ku teknologi jaman ayeuna urang teh bisa ngahaturkeun wilujeng diantawisna ku cara chatting liwat aplikasi WhatsApp atanapi aplikasi naon wae.

Tah kuleresan eta dihandap ieu kahatur sababaraha ucapan Idul Fitri dina Basa Sunda. 
Mudah-mudahan tiasa janten referensi / pilihan. Nyanggakeun sae awonna

Ucapan 1:

بِسْــــــــــــــمِ اللهِ الرَّحْمَنِ   الرَّحِيْـــــم
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ 
Dina wening ati nu beresih sim kuring sakukawargi seja ngahaturkeun
Wilujeng Boboran Siam, Neda sing hapunten tina samudaya kaluluputan kalepatan, alit sumawonna ageung. Mudah-mudahan shaum urang ditampi ku Allah SWT. Salam baktos ti abdi sakukawargi
تَقَبَّلَ اللّهُ مِنَّا وَمنِْكُمْ صِيَامَنَا وَصِيَامَكُمْ,
 كُلُّ عَامٍ وَأَنْتُمْ بِخَيْرٍ. اَللّهُمَّ اجْعَلْنَا وَإِيَّاكُمْ مِنَ العَاءِدِيْنَ وَالفَاءِزِيْنَ  وَالمَقْبُوْلِيْنَ.
وَ السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
Sim kuring sakulawargi"

Ucapan 2:

"Assalamualaikum wr wb.
Taqabbalallahu minna wa minkum, Taqabbal ya Kariim.... Minal Aidin wal Faizin,
Haturkeun Pangapunten tina lahir tinekanan batin🙏
Wilujeng Boboran Siam Idul Fitri 1442 H
Wassalamualaikum wr wb."

Ucapan 3:

"Wilujeng Boboran Siam, hapunten samudaya kalepatan. berkah sehat sadayana.  Salam baktos"

Ucapan 4:

السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi panjajap catur, lintang ti kedalna ucapan 'Wilujeng boboran Siam' neda dihapunten lahir tumekanin batin.
Minal Aidin Wal Faidzin
Taqoballallohu minna waminkum
Taqobbal yaa kariim
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ

Ucapan 5:

"Ka sadaya kadang wargi, Pribados neda dihapunten lahir tumekaning batin
Wilujeng Boboran Siam 1442 H
🙏🏼🙏🏼🙏🏼

Pamugi katampi

Posting Komentar untuk "Bahasa Sunda Sehari-hari part 6 : Kalimat Bahasa Sunda di suasana Lebaran Idul Fitri saling maaf-maafan "