Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Sono Ka Lembur, Sono Ka Ema

sono ka ema

Nu Sono Ka Lembur, Nu Sono Ka Ema
Yap, kadieu!

Asri jeung hejo ngemplohna pilemburan, ditema ku sora angin ngahiliwir, jadi ciri khas pilemburan. Tapi naon deui nu matak sono salian ti endahna alam pilemburan nyatana Ema. Kabeh oge euweuh hartina, salian tici the haneut nu dikucurkeun ku ema kana gelas batok. Disuruputna ge nikmat pisan. Lain ukur nyerep kana awak jadi panolak hanaang, oge gegedena nyerep kana mamaras rasa jadi panguat kanyaah. Ceuk saha kopi nu di Starbuck paling nikmat, coba bandingkeun jeung cai the buatan ema, beuh.. euweuh layan.

Ngan kadang ku mangsa siga kieu, komo keur usum pandemi. Aya hal nu matak sedih, tapi emang urang ngakudukeun ngilu aturan, yen mangsa kieu teu bisa mulang ka lemah kacinta. Nu hartina teu bisa mulang teh, oge teu bisa panggih jeung ema. Teu bisa mawa oleh-oleh hasil usaha di kota ka ema, teu bisa nyium leungeun ema, teu bisa menta hampura ka ema yen kuring can bisa ngabagjakeun ema siga nu lian.. duh

Tapina ketang lain teu bisa, tapi can bisa meureun basana mah. Nyondong kana mangsa pandemi si sakadang korona ieu, emang kuring kudu sadar yen, mun kuring balik bisi ngabahayakeun ka ema deuih. Sehatna ema leuwih utama bakan egoisna kuring hayang panggih, padahal balukarna malah leuwih fatal. Wallahu alam, ieu mah pamendak kuring wungkul. Ngan nu jelas kuring micinta ema, kuring micinta lembur, kusabab eta kuring embung ngaripuhkeun ema, kuring embung ngaripuhkeun dulur, oge tangtuna kuring embung ngaripuhkeun lembur. Sabab tangtu riweuh ramena mun tea lembur jadi teu aman gara-gara kuring balik ti kota ieu mamawa sakadang korona, ih amit-amit jabang bayi, ulah nepi kuring mamawa setan teu katempo ieu, musuh nu teu bungkeuleukan. Pikeun kaamanan kasehatan sarerea.

Mungkin hiji waktu kuring bakal nepungan ema, saenggeusna kaayaan anu memungkinkan kuring pikeun balik ka lembur sarakan, balik heula ka ema. Hikmahna meureun tabungan kuring bakal leuwih gede keur ngeupeulan ema. Keun we ayeuna mah ngaliwatan Video Call heula we, hayang nempo kaayaan ema mah. Piraku ari Video call-an jeung kabogoh bisa, dina waktuna jeung ema teu nyebut bisa. Ah, ieu mah ukur carita kuring we mang. Muga sarehat sadayana (ageindie)

Posting Komentar untuk "Sono Ka Lembur, Sono Ka Ema"