Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Penuh Mistis Rajah Kacapi Nagamaung Bikin Merinding


Maoskeun Rajah nu kalintang endah tur gagah, matak muriding, muringkak. Muringkak sanes alatan sieun. Tapi estuning eta mamaos rajahna kalintang istimewa, dugika tiasa nembus kana mamaras rasa, implengan ngawang-ngawang. Ngabayangkeun gagahna sang Prabu Siliwangi, tur endahna seni budaya mangsa harita. Ieu rajah kantos manggung dina acara Milangkala Kabupaten Sumedang, diiringan ku ponggawa-ponggawa Sumedang Larang, nyandak kacapi ageung raksasa, pinuh ku mistis. Eta Kacapi teh awakna mangrupa Naga ari mastaka mangrupa Maung atawa macan, dilapis ku warna emas, mawa hibar tur gumilangna ieu pintonan. Teu kakantun oge ieu maoskeun rajahna sae pisan. Mangga sakseni video dihandap. Rahayu!

Posting Komentar untuk "Penuh Mistis Rajah Kacapi Nagamaung Bikin Merinding"